Jumat, 23 Maret 2012

contoh resensi novel bahasa sunda " sasakala situ patenggang"

contoh resensi novel bahasa sunda


1. Idéntetas Buku :

  1. Judul                 : Sasakala Situ Patengan

  2. Pangarang       : Aan Merdeka Permana

  3. Pamedal           : Ujung Galuh Nyitak Ngawates

  4. Citakan             : 1, Bandung 2009

  5. Kandel              : 27 kaca

 

2. Ringkesan Isi Buku

            Aya nu ngalandi Situ Paténggang, da meureun asa genah kitu kadéngéna. Padahal cenah anu aslina mah katelahna “Paténgan”, tina asal kecap “patéang-téangan”. Tapi deuih aya kaol séjén anu nyebutkeun yén kecap “patéénggang” ogé bisa jadi bener, sabab baheula dina abad 13, nyaeta dina jaman Karajaan Sunda, iyeu situ téh katelahna Maha Ganggeng Panenggang, atawa lamun di tarajamahkeun sajalantrahna mah hartina tempat anu nenggang tapi kaawaskeun atawa kabireunggeuh ti ditu ti dieu. Panenggang oge harti “tapel-wates”, saba hartina dina jaman Karajaan Sunda, ieu situ jadi tapel-wates antara Karajaan Sunda Kulon jeung Karajaan Sunda Wétan.Situ Paténggang, mimiti dipaké tempat dumuk ti abad 7 kénéh, nyaéta sawaktu ieu talaga kaéréh ka Karajaan Tarumanegara. Harita katelahna Talaga Catri Pamulang, hartina talaga anu baranang ku béntang.Dina iyeu buku versi séjén ngeunaan sasakala Situ Paténggang, nya rék nyaritakeun jaman abad 7 téa.Situ Paténggang dina jaman Belanda, geus biasa dipaké tempat niisna para pangagung Belanda. Tuan Kontrak Entéh geus biasa ngaheunang-ngaheuning, selang-selang dina kasibukan gawé.Kiwari Situ Paténggang beuki haneuteun dipaké objék wisata anu loba didareugdegu timana-mendi. Saban poéperé jalma teu weléh ngadeugdeug. Keur mah di sabudeureunana loba tempatpiknik.

Sajarah mangrupakeun fakta atawa hiji hal nu bisa dibuktikeun dina fakta. Saurang sajarawan daék teu daék kudu kaugeur ku fakta-fakta nu aya. Manéhna teu bébas ngagarap fakta-fakta sajarah nu geus nyampak. Tapi, teu kitu pikeun pangarang novel. Manéhna lewih bébas nyiptakeun carita sorangan. Aan Merdeka Permana dina novel mungguranana ieu nyoba-nyoba ngangkat fakta-fakta sajarah Sasakala candi di Bojongemas kana novelna ieu. Tokoh-tokoh sajarah saperti Nyai Dewi Permata Sari anu ngokolakeun Candi Purna Hyang. Aya ogé Prabu Ningrat Kancana di barengan ku Aki Réog Cakentring nu jadi rajana di karajaan Galuh. Saréng Pangéran Barata Yudha anu ngakuna mah  masih kénéh turunan salah sahiji karajaan Tarumanegara.

Tina segi plot, ieu novel dipedar kalawan hadé. Katangar yén ieu novel téh di garap kalawan ngagunakeun hasil risét nu cukup léngkep. Hal iyeu bisa di buktikeun tina gambaran kaayaan sasakala Bojongemas nu jadi klimaks carita. Bagéan ieu ragot pisan jeung teu pikaboseneun. Gambaran karajaan Galuh, Tarumanegara di caritakeun kalawan jéntré. Nu macana saolah-olah di ajak nyaksian langsung kana kajadian nu pernah lumangsung di éta tempat. Ieu novel, ogé méré pamahaman nu leuwih jeulas kana sosok tokoh Nyai Dewi Permata Sari patlina jeung sasakala Bojongemas.

Sabagé novel sajarah sabenerna ieu novel bisa dijadikeun média pikeun ngangkat budaya sunda jeung karajaan Tarumanegara. Hanjakalna pasualan éta teu bisakapedar kalawan hadé. Kurangna ngenaan gambaran sosial masarakat Sunda jeung Tarumanegara ngajadikeun iyeu novel leuwih beristana-sentris kusabab loba teuing nyaritakeun kahirupan istana Sunda jeung Tarumanegara. Lamun waé unsur-unsur sosial jeung budaya masyarakat Sunda jeung Tarumanegara kaungkab sacara lengkep., ieu novel bisa novel nju euyeub nu bakal nambah wawasan nu macana.

Leupas tina kakurangan-kakurangan nu disebutkeun di luhur, novelmunggaran Aan Merdeka Permana ieu menang penghargaan. Masing kumaha ogé ieu novel ngungkab fakta sajarah anu mungkin waé geus kapopohokeun. Kajadian nu di angkat dina iyeu novel bisa jadi ayana ngan dina buku-buku pangajaran sajarah wungkul. Tapi ku ayana iyeu novel, éta kajadian jadi karasa mangkukna kénéh tur miboga daya pamikat nu saéstuna dipikanineung ku sakumna orang Sunda.

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar